Sabtu, 19 Maret 2011

Rarungsing

Asana mah ieu poe sabtu doangna seneng.... kitu... ja isukan pre minggu... tapi kunaon karasana rarungsing nyah...????
tadi isuk meunang sms ti adi (Irah) cenah ema tanggal 5 April rek mendak tahun ma n'de (mak Hasan meureun) atawa mak Acang. Ceuk emak lamun aya biaya na rek ngondang, tapi lamun teu aya rek ngiringkeun bae kanu hadad sakalian malem jum'at. Ngiring ngado'akeun bae lah ma N'din mah. Mudah-mudahan lancar niatna tur nu didoakeun di tarima iman islamna...Amin...

Tadi gawe karasana teu tenang, sebab teu aya pagawean. sapoe tadi ngan ngecek kas doang. sesana ngeprint modul bae....mana poho eta printer teu di paehan deui...

kararesel yeuh.... coz penduduk mess kabeh alias orang logistik jalan-jalan, outbond sekalian acara logistik award ka Sukabumi. jadi di  mess sorangan bae deh.... kuliah pre ieu ja poe sabtu.

sabar bae lah.. sabar... sabar....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar