Rabu, 09 Januari 2013

Euweuh Pagawean

Punten ka Bapak, Ibu sadayana saparakanca. Abdi iyeu nuju di kantor ngan ti isuk teu aya pagawean, hehehe. Sabenerna mah lain teu aya pagawean ngan iyeu pagaweannya berkaitan dengan internet, internetna aya masalah jadi kieu bae teu pararuguh. Tadi tos beberes dokument expend Jan '12 - Jan '13, terus rek pake Online Report eh malah teu bisa" iyeu.. cenah mah internet di anyerna nu bermasalah, yawdah chat bae bari kieu lah teu paruguh. mangkana gajih geh ngan sacukupna doangna yeuh. Jadi ulah ngadumel masalah penghasilan lamun gawena oge urang masih doang kieu. xiixixixi


Hayang mah iyeu geugeuraan beres hirup di Jakarta, geus bosen uing mah, geus hayang di lembur. Iyeu urang jadi catetan bae nyah mudah-mudahan jadi kenyataan dan memang harus jadi kenyataan. Tahun depan Januari 2014 uing kudu tos gadung usaha pribadi nyaeta Warung Sembako. Amin... lamun tos gaduh usaha nu pokok kakarak nyiar sampingan, jadi gawe teh iyeu kuduna mah sampingan lain usaha nu pokok.


Lamun abdi tos aya sampingan doang kitu insyaAllah abdi moal sieun-sieun nyiar deui pagawean di barengan ku nego gajih nu gede sakalian. Ulah doang ayuena yueh masih keneh kasieunan teu meunang pagawean. atu kumaha rek majuna hirup masih keneh aya rasa takut untuk maju...xiixixi *ari ngomong doang jelema bener.


Terus kumaha deui iyeu da bararingung rek naon deui. Tadi mah pangrasa loba nu rek di caritakeun, kunaon ayuna malah jadi pararoho kiyeu.xixixix geus kolot doangna nyah. Tos heula nyah sakieu bae heula curhat poe iyeu mah...wassalam